Baham

Potongan sagital irung, baham, faring, jeung laring.

Baham nyaéta lawang asup pikeun sato ngasupkeun dahareun.[1] Biasana aya na hulu, tapi teu salawasna; baham planaria aya na beuteungna.

lolobana sato mibanda sistim digéstif nu lengkep: baham di hiji tungtung sarta bool di tungtung séjén. Tungtung mana nu kabentuk tiheula na ontogeni mangrupa kritéria nu dipaké pikeun nangtukeun kelas sasatoan kana protostom jeung deuterostom.

Sababaraha sato, kayaning cnidaria jeung planaria, teu boga bool. Maranéhna miceun ngaliwatan sungutna, atawa sarua jeung brachiopod, nu boga sistim digéstif nu éfisién pisan, digiling na burih nepi ka réngsé.

Sababaraha rupa sato, kawas cacing pita, teu boga sungut-sungut acan. Cacing pita hirup jero peujit, antukna teu butuh sistim pencernaan.

Di lolobana sato, sungutna boga babagian pikeun nyapék dahareun, ngabeuweung dahareun, atawa pikeun nyuntikkeun peurah/racun. Dina artropod, aya suku nu dimodifikasi di luareun sungutna; sedengkeun di vertebrata gnatostome aya di jero.

Dina manuk, sungutna ditutup ku pamatuk.

Baham manusa ditutupan ku biwir luhur jeung handap. Biwir ieu penting pikeun nyarita, paroman beungeut, nginum (utamana mun maké panyerot), ngaroko. Orok lahir mawa réfléks neureuy, hal ieu nalurian pikeun ngalatih biwir jeung huntuna. Ruruncang atawa untap (philtrum) kabentuk alatan tepungna prosés nasomedial jeung maksilar nalika émbrio tumuwuh. Mun prosés ieu gagal ngahiji sacara sampurna, balukarna jadi suing.

  1. Luthfiyani, Lulu (2017). Kamus Genggam Bahasa SundaLuthfiyani. Yogyakarta: FRASA LINGUA. p. 9. ISBN 9786026475275.  Disungsi12 Januari 2023

Developed by StudentB