Komunikasi

Komunikasi nyaéta proses tina parobahan inpormasi umumna ngaliwatan sistim tina simbol nu geus umum. "Elmu Komunikasi" nyaéta élmu akademik nu ngajarkeun ngeunaan komunikasi.

Komunikasi nyaéta prosés anu ngamungkinkeun mahluk hirup pikeun silih tukeur informasi ku cara maké sababaraha métodeu . Komunikasi nyaratkeun yén sakabéh pihak anu ngalakukeun komunikasi mikawanoh basa anu dipaké bareng dina éta komunikasi.

Silih tukeur informasi merlukeun feedback atawa eupanbalik. Sanajan kitu, kecap komunikasi ogé digunakeun dina konteks anu ngan merlukeun saeutik eupanbalik atawa henteu merlukeun eupanbalik samasakali saperti siaran, ogé dina konteks di mana eupanbalik katunda lantaran pangirim atawa panarima ngagunakeun métodeu , teknoloji, waktu jeung alat uepanbalik anu béda.

Aya cara komunikasi anu bisa didenge saperti ucapan, nyanyian jeung wirahma sora. Aya deui cara komunikasi tanpa ucapan tapi maké cara fisik anu katelah nonverbal saperti basa awak, basa isarat, paralanguage, cabakan, hubungan mata, atawa panggunaan tulisan.

Definisi komunikasi rupa-rupa pisan. Sabagian jelema nganggap yén sato bisa ngalakukeun komunikasi jeung baturna persis saperti manusa, sarta sabagian deui jelema ngadefinisikeun komunikasi leuwih heureut, ngan ngawengku manusa katut paraméter-paraméter interaksi simbulna.

Sanajan kitu, komunikasi biasana digambarkeun ku sababaraha dimensi utama:

  1. Eusi atawa informasi (naon jinis anu dikomunikasikeun)
  2. Sumber/Pamancar/Pangirim/Encoder (saha nu ngirim)
  3. Wangunan (naon wangunannana)
  4. Channel (naon mediyeum anu diliwatan)
  5. Tujuan/Panarima/Sasaran/Decoder (saha anu dikirim)
  6. Tujuan/Aspek pragmatic (naon jinis hasilna)

Komunikasi di antarana kaasup tindakan-tindakan pikeun méré pangaweruh jeung pangalaman, méré nasehat jeung parentah, sarta pertanyaan. Tindakan-tindakan ieu bisa ngawujud dina rupa-rupa wangunan. Wangunanna gumantung kana kamampuhan kolompok anu ngalakukeun komunikasi. Eusi jeung wangunan babarengan ngahasilekun pesen anu dikirim ka sahiji tujuan. Sasaranna bisa diri pribadi, jelema lian atawa mahluk lain, jeung unsur lain (saperti sahiji pausahaan atawa kolompok). Gumantung kana puseur perhatian atawa fokus (saha, naon eusina, naon wangunannana, ka saha, jeung naon hasilna), aya rupa-rupa klasifikasi komunikasi. Sabagian pertanyaan sistemati kasebut diwincik dina Tiori komunikasi.


Developed by StudentB