Siaran

Siaran nyaéta distribusi sinyal sora (audio) jeung/atawa gambar (vidéo) anu ngirimkeun program-program ka para pamiarsa atawa kaum dangu.

Aya rupa-rupa sistem siaran. Sistem siaran anu paling loba nyaéta siaran lokal sawates sahiji wewengkon kota jeung wewengkon anu leuwih heureut ti batan kota. Contona siaran nu maké daya listrik leutik anu mancarkeun program-program radio atawa televisi di hiji kota. Conto liana, sistim siaran public address institusional, anu ngirimkeun pesen-pesen nonverbal jeung musik di jero hotél, pasar swalayan atawa rumah sakit pikeun para tamu. Kalayan ngagunakeun pamancar repeater, sistem satelit, malah kabel, pamancar siaran radio jeung televisi nasional bisa boga cakupan dina skala nasional. Pamancar siaran radio jeung televisi ogé bisa ngawengku wilayah anu leuwih lega, saperti benua. Channel Internet malah bisa ngadistribusikaeun téks atawa musik ngamalir (stréamed) ka sakuliah dunya.

Siaran anu dipancarkeun ka sajumlah leutik pamiarsa kaum dangu anu geus ditangtukeun disebut siaran nu kawates atawa narrowcasting.

Program-program televisi jeung radio didistribusikeun ngaliwatan siaran radio atawa siaran kabel, atawa mindeng ogé duanana sakaligus. Ku cara ngagunakeun alat anu ngodekeun sinyal di stasiun pamancar jeung alat panarjamah kode di imah, kiwari dimungkinkeun hadirna layanan-layanan program langganan jeung layanan bayaran-per-program tontonan.

Siaran ngawangun ségmén média massa anu kacida gedéna.

Sacara ékonomi, dumasar kana métode kumaha hiji lambaga panyiaran miboga waragad, aya sababaraha cara supaya kalangsungan lambaga panyiaran bisa sinambung:

  • sumbangan waktu jeung kaahlian ti para sukarélawan (ilahar pikeun siaran komunitas)
  • pangmayaran langsung ti pamaréntah ka lambaga panyiaran pikeun publik
  • pangmayaran ti pamaréntah sacara henteu langsung saperti mangrupa ijin
  • hibah ti unsur-unsur yayasan atawa badan usaha
  • panjualan iklan atawa advertising atawa sponsorship
  • biaya langganan atawa kaanggotaan

Loba lambaga panyiaran anu ngagantungkeun hirupna kana gabungan tina modél usaha ieu. Contona, National Public Radio, hiji jaringan non-komérsial di Amérika Sarikat, narima hibah ti Corporation for Public Broadcasting (anu dina gilirannana narima waragad ti pamaréntah AS), narima bayaran ngaliwatan kaanggotaan publik, jeung ogé ngajual "extended credits" ka pausahaan-pausahaan.


Developed by StudentB